Halaman

Mengenai Saya

Foto saya
CIHAURBEUTI nyaeta hiji wewengkon lebah kuloneun Gunung Sawal di Kabupatian Ciamis. Tapel wates lebah kaler Cihaurbeuti patumbu-tumbu jeung Panumbangan, lebah kidul Sindangkasih, lebah kulon Walungan Citanduy anu misahkeun jeung kawasan Tasikmalaya. Can kapanggih iraha jeung kumaha mimitina aya Cihaurbeuti. Ngan nurutkeun sababaraha beja, Cihaurbeuti mibanda lalakon sejarah anu kacida luhungna. Kasebut nalika zaman Mataram Islam (kurang leuwih tahun sarebu genep ratusan masehi), aya saurang menak ti Umbul Cihaurbeuti mangsa harita anu diistrenan ku Sultan Agung jadi Tumenggung pangaulaan Bandung, katelah Tumenggung Wirangun Angun. Tujuh turunan mingpin Bandung nepika kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janatria, ngandung harti anu asal muasal ngabahureksa ngahirup-hirup Bandung taya lian karuhun urang Cihaurbeuti. Kiwari masih loba patakonan-patakonan anu merlukeun pananglutikan jeung sawala sapuratina.

Selasa, 05 Mei 2009

CUCURUGAN CIHAUR


CIHAURBEUTI anu aya lebah kuloneun Gunung Sawal, estuning leubeut ku cai waas nu cucurugan. Hampir tiap lembur di Cihaurbeuti ngagobaan curug sewang-sewangan, loba leuwih ti hiji. Curug mangrupakeun cai anu turun ti punclak mapay-mapay lebak nyaliara handapeun tonggong gunung, mipir lamping bari mawa kahuripan pikeun alam jeung para manusa anu aya sahandapeunana. Lain air terjun, da biasana lamun terjun mah kudu make parasut atawa payung. Ieu sabaraha curug anu aya di Cihaurbeuti, sesana can katuliskeun.
1. Curug Cimeja, aya di Pamokolan. Disebut Curug Cimeja ku sabab tempat di sabudeurena mangrupa meja panulisan. Ceuk kolot, baheula ieu tempat mangrupakeun tempat lenggah nerbayaksana para menak di Kabarataan Sawal.
2. Curug Ciharus, aya di Padamulya. Disebut Curug Ciharus ku sabab seahna cai anu kacida harusna ngagolontor maseuhan lembur ku walungan Ciharus. Cek kolot, di ieu tempat osok kawenehan kadenge sora gamelan pupuh gending, ciciren keur ayana hajat pikeun meredih kamulyaan hirup, padamulya.
3. Curug Tilu, aya di Pasirtamiang. Disebut Curug Tilu ku sabab aya tilu curug anu pasambung-sambung, masing-masing katembong jangkung rag-ragna cai ti luhur dua puluh meter panjangna.
4. Curug Cibuyut, aya di Cihaur. Disebut Curug Cibuyut ku sabab aya di wewengkon patapakan haur, nyaeta hiji tempat patapaan Ki Buyut Pangersa. Ceuk Kolot, Ki Buyut Pangersa taya lian hiji resi pilih tanding anu ngajaga Gunung Sawal sangkan tetep tiis jauh tina sebutan gunung berapi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar